Janten supados pendak/panggih jeung   
KURING,  
atuh kedah tiasa 
ngaleungitkeun KURUNGna. 
Leres teu?
  
 
                                       
   
  Dina PAPATET aya padalisan kieu:
   
  JUNG NANGTUNG WAWUH KA KUJUR
  AJEGKEUN SAPANGADEG
  HURIP INGWANG HIRUP INGSUN
  JIRIM JISIM PANGANCIKAN
   
Tah dina perkara jirim-jisim jeung kuring 
oge naon bedana jeung  
ingsun/isun,kaula atawa abdi, 
pamanggih simkuring numutkeun ajaran 
nu  katampa dina ajaran 
spiritual Bapak Mei 
aya beda jeung kanyaho umum. 
   
  Kieu kateranganaana:
  
Ari "jirim" teh nyaeta wujud nu katingali atawa badan wadag  (lahir) nu 
asalna tina cahaya beureum (acining seuneu) - cahaya bodas  (acining cai) - 
cahaya koneng (acining angin) -jeung cahaya hideung  (acining bumi), sedengkeun 
"jisim" nyaeta  wujud nu teu  katingali badan halus (batin) nu asal ti 
pangawasa Gusti. Jirim  teh tempat pangacikan jisim (kawas dina papatet di 
luhur, contona: awas  ngancik di panon, denge ngancik di ceuli, langkah ngancik 
di suku  jsb). 
Tah eta jirim jeung jisim mangrupakeun parabot nu digunakeun ku  
kuring pikeun ngumbara di dunya. Naha saha ari "kuring"?.
   
  
Tah ari "kuring" mah nyaeta lain lalaki-lain awewe, lain budak  lain kolot, 
teu boga anak teu dianakkeun nu asalna ti Gusti jeung  salawasna teu pisah 
jeung Gustina jeung sifatna langgeng, 
ngan sok  kadang kapopohokeun atawa 
dipopohokeun ku jalma, 
nyatana nu sok  ngelingan, sok mapagahan, sok nitah 
bener nyaram salah nu ngancik  di unggal jalma sakuringna-sakuringna.
   
  
Ari eta nu salawasna boga kahayang jeung sok kadang sakadaek-daek  teu 
mikirkeun batur nu oge sok aya di unggal jalma eta saha?. Naha eta  nu disebut 
Syetan teh ?.
    
  
Tah dina elmu sunda sakanyaho kami teu acan manggihan  katerangan soal syetan 
saperti nu digambarkeun dina  agama samawi. Nu boga kahayang atawa napsu teh 
nyaeta nu disebut  "ingsun/isun" tea nu asal tina kajadian anyar sanggeus ayana 
jirim  jeung jisim nu asalna ti sagaraning hirup. Jadi ingsun/isun mah urang  
dunya nu tangtu teu leupas ti pangabutuh dunya atawa napsu-napsu  dunya.
   
  
Kunaon pangna isun boga napsu? Tangtu bae sabab kahiji ingsun  urang dunya, 
kaduana ingsun make wujud lahir (jirim) nu asal  tina acining dunya 
(seuneu-cai-angin-bumi) nu nimbulkeun  napsu-napsu, geura pek ulah napas-ulah  
nginum-ulah dahar-ulah make haneut, tangtu moal boga  kahayang/euweuh napsu. 
Tah dina ajaran nu katampa ku kami  napsu-napsu ieu teh datangna tina 4 unsur 
ieu, lain ti syetan  nu asal ti saluareun diri urang (ieu ceuk pamanggih  kami 
salah sahiji bedana pamahaman ajaran sunda keung ajaran agama  sejen).
   
  
Dina hirup urang kabeh mun dilenyepan bener-bener tangtu  bakal manggihan 
mana ingsun jeung mana kuring, sok sanajan susah  ngabedakeunana, sabab kuring 
jeung ingsun hiji tapi dua, dua tapi hiji,  lir dua beulahan "mata uang" logam 
mun katingali garudana, angkana teu  ngatingali oge sabalikna. Tah kuring nu 
asal ti Gusti ieu nu bisa  nganyahokeun ka Gustina, nu bisa nganjang ka pageto, 
jeung bisa  nganyahokeun nu geus kajadian baheula. Ngan memang sok sering  
diapilainkeun ku ingsun.
   
  
Tah ari nu disebut "abdi", nyaeta jalma nu boga rasa rumasa  keur ngabdi ka 
Gustina, tah lamun geus bisa salawasna ingsun bisa  ngabdi ka Gustina luyu 
jeung sifat-sifat Katuhanan eta meunang pangkat  "manusa",  sedengkeun "kaula" 
nyaeta nu boga rasa  rumasa jeung keur kumawula ka dirina, kumawula ka 
luluhurna  (indung-bapa), kumawula ka lemah-caina, kumawula ka bangsana jeung  
kumawula ka Gustina. Tah ari "kami" nyaeta ingsun nu keur ngagunakeun  lahir 
jeung batin.
   
  
Kitu sun, pamahaman kami dina perkara ieu, mudah-mudahan  bae aya gunana 
pikeun nambah wawasan kidulur  Sunda.     
  

Seja nambahan, sakedik, sugan aya manfaatna,

1. Kecap "kuring" sok rajeun kapanggih dina kalimah sarupa kieu:
"Leupas kuring, tinggal kurung". Dina kalimah bieu, "kuring" teh
hartina jiwa atawa roh atawa aspek metafisik tina jelema, sedengkeun
"kurung" maksudna: raga atawa badan atawa jasad tea. Kukituna, lamun
ieu ditarima, harti "kuring" nambahan ku: jiwa manusa atawa aspek nir
raga ti manusa.

2. Aya sababaraha kecap dina basa Arab anu hartina waruga atawa badan
atawa "the body", nyaeta "Jisim", "Jasad", oge "Basyar" (manusa dina
harti biologis lawan tina "Al Insan"). Sedengkeun Ceuk teori medan
makna mah moal kapati-pati aya dua atau leuwih ti dua istilah lamun
masing-masing henteu beda maksudna. Anu jadi patarosan: naon wae
bedana antara jisim, jasad jeung basyar teh? Upamana wae, "jasad" mah
nuduhkeu badan manusa lamun bener-bener geus ditinggalkeun atawa   dina
harti dileupaskeun sagemblengna tina jiwa jeung rohna. Ari "jasad"?
Ari "Basyar"? Tetela, seueur keneh anu kudu dipaluruh.



> Kuring
>
> 1. Kuring dina harti:
>
> jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra)
> dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah
> baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring
> ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan cacah
> pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh jelema
>
>   2. Kuring dina harti:
>
> gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring
> kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna
> saluhureun, tapi martabatna handap
> sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul
>
>
> Jisim
>
> Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa nu
> geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok
> disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu
> hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring.
>
>
>