Senin, 23 Mei 2022

BUDI DAYA 18 GUSTI KAWULA – KAWULA GUSTI


Senin, 23 mei 2022

BUDI DAYA 18 


GUSTI KAWULA – 
KAWULA GUSTI 

Sebagian loba anu ngaruku 
sarta percaya ka Pangeran, 
ana disebut Gusti tujuan (maksud) 
caritana teh nya eta nuduh kana Wujud 
nu Maha Suci. 

Jeung dimana nyebutkeun Kaula 
nya eta nuduh kana 
tekad, lampah jeung ucapna 
nu jadi mahluk, 

jadi palebah dieu mah 
tetela pisan cacak nuduh ngaran kaula oge geuning teu beunang dituduhkeun bungkeuleukannana nu ngaku bae. 

Ana kitu terang pisan 
samemeh urang nganyahokeun 
kana Wujud Gusti teh, 
atuh leuwih hade tiheula mah 
kudu nganyahokeun kana kaulana, 
ari sababna nya-eta lamun acan nyaho 
ka kaulana asa mohal nyaho ka Gustina, 

tadi geus dicaritakeun 
yen nyatana kaula teh 
nya-eta nu geus puguh nekadkeunnana , ngalampahkeunnana jeung ucapannana 
sacara nu kumawula ka Gustina. 

Ari parabotna pikeun kumawula teh 
nya-eta kaayaan anggahota mahluk 
anu kasipatan ku pangawasa jeung pangersa Pangeran , 

ari nu kudu dipiconto pikeun angger-angger nya-eta sakabeh Rukun 
nu geus ditetepkeun 
dina ka-Imanan jeung dina ka-Islaman – 

sare’atna 
kudu prak digawe 
sacara make a’dat – 

patarekan nana 
geura tarek nafsu urang ku sorangan 
sangkan ulah mamawa ka nu teu urus nyengcang tina kawajiban kumawula – 

hakekatna 
kudu iman ka nu wajib di imankeun, 
Islam patekadannana – 

marifatna 
nyaho mana anu enya jeung mana anu lain.

Ari hartina kaula 
eta teh kecap kapangkatan 
ti sakur nu geus bisa kumawula, 

jadi lamun acan bisa ngawula mah 
urang teh acan boga pangkat kaula. 

Jadi anu bisa kumawula teh, 
nya-eta :
1.     
nu kasipatan ku Kodiran (nu kawasa) 
hartina geus walakaya metakeun anggahotana guna kumawula ka gustina.

2.     
nu kasipatan ku Muridan (nu kersa), 
hartina geus daek migawe parentahan 
ti Rasulna guna Gumusti.

3.     
nu kasipatan ku Aliman (nu uninga) 
hartina geus digawe kalawan nyaho 
kana kawajiban sacara nu kumawula.

4.     
nu kasipatan ku Hajan (nu hirup) 
hartina geus ngahirupkeun parentah, 
nya-eta ngimankeun kalawan prak migawe sakur nu geus ditetepkeun 
ku rukun rukun Iman jeung Islam. 

Sare’atna 
kudu sa-adat jeung aturan 
nu menurut hukum Sara di dunya, 

Tarekatna 
kudu narek maneh, 
nya-eta nyegah napsu nu goreng 
ulah nepi ka ngalanggar kana hukum Agama sumawon Drigama. 

Hakekatna 
henteu ngabeda-beda  
yen anu araya di sakabeh 
Alam jeung Jaman teh 
ayana, pangawasana, kadaekna, jeung kanyahona teh 
asal tina kamurahannana Pangeran, 

ana kitu Marifatna 
nya-eta lamun enggeus nyaho 
yen Wujudna Pangeran teh 
ku ayana sifat Rohman jeung Rohim, 
welas jeung asih, 
atuh ngawujudkeunnana 
titel (pangkat) kaula oge 
teu aya deui kajaba urang anu kudu kumawula ka Gusti 
ku jalan ngadatkeunsarta af’alna 
hartina sah tina rukun 
anu ditetepkeun ku Rasulna. 
Nyipatkeun welas jeung asih ka sasama, hartina lamun mangeran 
kanu sipatna welas jeung asih, 
atuh nu mangeranna oge 
kudu ngadatkeun welas jeung asih 
ka sakur nu dipiwelas jeung dipiasih 
ku Gustina, 
sangkan boga asma 
atawa ngaran kaulaning Gusti.

5.     
nu kasipatan ku Samian (nu ngarungu) , 
hartina suhud migawe parentah, 
naohidkeun kumawulana ka Gustina.

6.     
nu kasipatan ku Basiran (nu ningali), 
hartina geus waspada kana pagawean 
nu wajib dipigawe ku kaula.

7.     
nu kasipatan ku Mutakaliman (nu ngandika), hartina geus prak nekadkeun, ngalampahkeun jeung ngucapkeun 
sarta enya Islam (suci) ngawulana teh.

Tah gulungna eta 7 kasipatan 
anu geus prak ngadatkeun kumawula 
sarta af”al dina wujud sacara ngawulana , 
nu kitu pangkatna atawa asmana 
nya-eta Kaula ... 
sabab

1.     geus kawasa ngadatkeun ngaula
2.     geus kersa ngadatkeun ngaula
3.     geus uninga kana elmu ngaula
4.     geus hirup , iman dina sajero ngaula
5.     geus ngarungu, tohid dina ngaula
6.     geus ningali, ma’rifat dina ngaula
7.     geus ngandika, tegesna geus Islam 

patekadannana nyungsi kana kecap 
“Kaula nekadkeun 
teu aya deui Pangeran anging Gusti Allah , jeung 
nekadkeun Kaula satemenna 
Rassululah teh Utusannana”

Jadi ana kitu 
lamun urang hayang boga  
“ngaran” Kaula 
sarta sanggeus ngarasa 
yen ayana pangawasa, kadaek, kanyaho, hirup, ngadenge, nenjo jeung ngomong teh 
asal tina kasarengan ku sipat kamurahan Gusti 

atuh eta 7 parabot teh 
kudu di Imankeun sarta jeung Islamna 
supaya nga-Wujud kana patekadan Kaula tea.

Katerangan panutup 
tina hal kecap kaula 
nya-eta urang kudu prak ngawula heula, 
ari parabotna 
nya-eta lamun urang keur kasipatan 
ku sipat Ma’nawiah: 
nu kuasa, 
nu kersa, 
nu uninga, 
nu hirup, 
nu ngarungu, 
nu ningali jeung 
nu ngandika. 

Tah eta nu 7 perkara 
lamun di Imankeun 
keur kumawula ka Gusti sarta Islam, 
hartina 
enya kumawulana teh 
menurut kana pangersa Rassulullah, 
teu sulaya jeung rukunna, 
nu kitu mah kakara boga ngaran 
kaulaning Allah ..........

Tapi sabalikna 
lamun eta kasipatan tadi 
diimankeun kana goreng 
sarta rukuna ka nu goreng , 
eta ngarana kaulaning goreng, 
sabab tetelana ngaran eta 
gumantung kana sifatna nu ngaadatkeun , 
ari af’alna sanggeus sanggeus ngawujud pagaweannana.

Kaula nu pantes diturut, 
nya-eta: 
nu tara nyumputkeun elmu nu hade – 
nu tara sirik jeung pidik – 
tara upat simuatan – 
atoh mun manggih nu hade – 
daek ngomekeun nu salah – 

tegesna nu teu nyalimpang 
tina papagon Agama, 

Sareatna 
nya-eta daek ngadatkeun 
cara prak-prakannana nu ber-agama 
dina alam ieu – 

Tarekatna 
nu nyegah hawa napsuna nu sok ngajadikeun matak henteu ngeunahna batur 
sumawona kana rasana sorangan – 

Hakekatna 
geus nyaho kana kawajiban sorangan 
dina sapanjang ber-agana, 
rajeun oge usil ka batur 
lain nyieun kagorengan 
tapi rek ngabenerkeun kasalahannana 
atawa nanya sakur nu dikira berguna, 
tegesna 
jauh tina siksik-melik, -- 

Mari’fatna 
lamun geus ngawujud 
sakur nu geus diomongkeun, 
nu dibaca, 
nu diuji 
tegesna Iman jeung Islam (suci).

Sanggeus ngarti kana katerangan anu di luhur , sarta sangkan ulah meunang panyebut 
bohong ucapan, 
geura prak atuh adatkeun 
sangkan nga-WUJUD.

SYAHADATNA
SOLATNA
ZAKATNA
PUASANA
MUNGGAH HAJINA

-----------------


BUDI DAYA 17 - Tawajuhna


senen,23 mei 2022

BUDI DAYA 17 - 

Ari Tawajuhna ?

Ari tawajuh teh 
nya-eta pagawean nu manjing guru, 
hartina nekad-keun ku lampah jeung ucapna sakur anu geus diajarkeun ku guruna.

Tapi mungguhing di dunya 
sok aya papasangannana, 
atuh tawajuh oge teu beunang ditetepkeun 
dina hade bae, ari sababna geuning sok loba bukti aya nu ngajarkeun kagorengan, 
atawa saukur bebeneran sorangan 
alias lain bener tulen 
atawa ngan ngawujud-keun 
angkeuhan wungkul.

Tah ku lantaran eta sangkan urang manggih jalan pikeun tawajuh nu hade teh 
atuh kudu jeung pamilih, 
sabab loba anu geus kajadian goreng 
lantaran saentasna tawajuh, 
saperti loba nu jadi reu'eus, 
teu akur jeung nu teu saihwan, 
cawadan, cegekan, 
ari aya nu ngome-keun 
hayoh dipajarkeun ngabantah ..... 
jeung salianna, 
atuh buahna beunang tawajuh teh 
tembres goreng, 
sabab kasaksian ku panca dria nu lima oge goreng, saperti katenjo, kadenge, kaambeu, 
ka-omongkeun jeung karasa 
ku anu ngarasakeunnana.

Naha nu kitu teh kalakuan anu hade ?

Meureun lain, sabab sidik 
nga-aDAT-keun kana siksik-melik wungkul .... hartina kajeun ngaku geus tawajuh, 
lamun sagala wungkul omongan 
alias boga rasa luhur sorangan, 
tapi pagawean-nana ngan matak goreng, 
anu tangtu manehna teh 
bakal panggih jeung beutina, 
palebah dieu sing ngarti; 
lain ngabeuti hui atawa taleus, 
tapi beutina goreng A-DAT tea, 
atuh panggahotana nu 9 
nu diibaratkeun wali teh 
dipake MERAD 
hartina mangprung dina lampah goreng, 
tapi leuheung ari meradna 
ngan saban pukul 9 bae, 
atawa dina satungtung kasipatan 
ku pangawasa keur ngeusian pabeyasan karena halal mah, 
sabab ari nu merad teterusan 
sok manggih 
nu beureum (amarah?) 
koneng (luamah?) 
bodas (sawiyah?) 
hideungna, 
nya powekeun tuluy bae tadah tuduh, 
nu kasaksi ku panca driana oge 
hayoh di pi-Gusti. 

Atuh nu kitu mah 
dzat anyar nu asal kajadian 
tina Kamurahan Pangeran, 
jeung hawana (pangawasa wujud anyar) 
nya-eta anu kasipatan 
ku Pangawasa Pangeran (Kudrat!). 

Anu matak ku nyalahannana sangka 
sok rajeun aya nu mapandeukeun Pangeran kana cahaya, suwung elingan, jajantung jeung rupa-rupa dat anu alanyar. 

Atuh lain Dat Laesa Kamislihi ari nu kitu mah ! Kusabab kitu tetela pisan jeung pancadria 
(5 panggahota urang) 
kudu dipake nganyahokeun ayana dat 
anu alanyar, nya-eta sangkan ulah wani mapandeukeun Gusti rek disasaruakeun 
jeung nu dicaritakeun di luhur 
sabab anu bisa dibuktikeun ku panca dria mah eta teh asup dzat anyar 
anu ka-sipatan ku pangawasa jeung pangersana Gusti bae, 
sabab .... 
upama euweuh pangawasana mah 
tangtu moal aya dzat-dzatna acan 
nu alanyar teh, 
ku lantaran eta supaya leuwih kaharti 
ieu di handap diterangkeun. 

Anu katenjo ku panon,
Anu kadenge ku ceuli
Anu kaambeu ku irung
Anu kaucapkeun ku lambe,
Anu karampa ku rasa.

Eta kabeh dat anyar 
(nu asal tina kamurahan Pangeran), 

ari panga-wasa nu dipake 
nenjo, ngadenge, ngambeu, ngucap jeung ngarasa 
ku urang eta KA-sipatan 
ku pangawasa Anjeunna, 

numatak pantes urang 
kudu mangeran ka Anjeunna teh, 
sarta lamun urang geus nyaho 
yen Gusti teh sifatna welas jeung asih, 
atuh ulah salah nya mangeran, 
ari mangeranna urang kudu 
nga-dat-keun parentah Rasulna, 
nga-sipat-keun sacara nu welas jeung asih 
ka sakabeh dat nu kabukti ku panca dria tea, sabab 
huripna alam dunya 
nya-eta kulantaran ayana jeung rukun 
anu ngeusiannana, 
karena 
lamun teu daek marigawe rukun Rasulna mah tangtu Alam teh ruksak tina kaayaan asalna ! Kusabab kitu 
tetela pisan lamun panca dria 
teu dipake nganyahokeun mana dat nu anyar jeung mana nu tiheula 
eta sok loba kajadian nu mahiwal 
ngajalankeun sareatna, tarekatna 
sok make ngarobahan rukun 
nu geus ditetepkeun ku nu tiheula, 
sarta geus nga-hak-keun bebeneran sorangan atawa bebeneran paguron-na, 

ana kitu ma'rifatna oge ngan kana cita2 
(dikira-kira, dipapan-deukeun), 
ana kitu mah atuh salah, 
sabab moal aya kecap Muhala-fatulilhawadis, lamun beunang keneh disasaruakeun!

Ku katerangan di luhur sugan bisa dihartikeun kieu pikeun nu tawajuh teh 
kudu bisa puasa 
hartina teu ngabeda-beda kaayaan rasa nu sejen jeung manehna eta sarua.

5 powe teh lain powe anu masang 
nya-eta nu make beurang jeung peuting, 
tapi ieu mah: 
kudu netelakeun yen enyana sakabeh dat 
nu kasaksi ku pancadria 
eta lain Gusti, 
tapi eta dat 
asalna tina kawelas jeung ka-asihna Gusti.

7 powe nya kitu keneh, 
lain powe papasangan 
tapi yen nu aya dina 7 lapis bumi jeung 
7 lapis langit 
eta kasipatan ku pangawasana Gusti. 
Anu matak lamun urang geus nyaho 
yen sakabeh dat anu araya teh asal ti Gusti, atuh urang oge kudu nembongkeun 
sacara anu mangeran ka Gusti, 
nya-eta mikanyaah ka sakabeh dat 
anu kasipatan ku pangawasa 
jeung pangersa Gusti.

9 powe, 
hartina satungtung urang 
ka-datan, ka-sipatan ku pangawasa Gusti saperti kieu: 
sanggeusna urang boga (?) badan, 
geus kitu tuluy bisa eling, 
nenjo, ngadenge, ngambeu, ngomong, ngarasa, mikir, obah jeung ngalangkah, 
tah eta nu 9 perkara 
ku urang ibaratkeun parabot 
pikeun melak (ngalampahkeun) kalakuan 
anu hade jeung sasama pada di dunya, 
palebah dieu tetela ari neangan beuti hade 
ulah diteangan ku sapedah ngabeuti hui 
atawa ku merad migusti kana cahaya bae, 
tapi satungtung urang kasipatan 
ku pangawasa sacara anu dicaritakeun di luhur, atuh geura prak sareatkeun parentah Rasul 
anu geus ditetepkeun dina Rukun-na, 
sangkan sa aDat 
dina enggon-enggoning Mangeran ka Gusti teh, Manutna ka Rasul 
nya-eta ulah migusti ka sakabeh dat nu anyar. Geura tarek nafsu urang, 
sangkan ulah mawa kana jalan anu salah (mahiwal ti parentah Rasul), 
hartina lamun urang daek melak hade, 
beutina ge tangtu hade, 
daunna ge kahadean, 
nu tangtu beunang dilalab, 
hakna geus teu salah deui, 
panggih jeung kasalametan, 
ma'rifatna ka nu hiji, 
meureun moal ucas-acos, 
ibarat nu maen colok, 
Gusti pek dipapandekeun, 
dicipta dicita-cita, 
atuh beunang dicipta mah lain, 
sabab bisa nyipta soteh urang mah 
kana dat nu geus kapanggih.

40 powe, 
hartina lain ngan 40 beurang jeung peuting bae urang iman ka Gusti teh, 
tapi salawasna satungtung urang 
kadatan jeung kasipatan 
ku pangawasa jeung pangersaNa mah 
atuh geura prak nga-datkeun sareat 
nu miturut RukunNa, 
ngersakeun narek nafsu 
supaya ngimankeun ka sakur nu ditetepkeun dina Rukun Iman.

Puasa nu miturut Agama mah, 
sarta nu geus ditetepkeun ku Rukun Islam, ngan dina bulan Puasa sabulan.

Ari nu 5, 
nu dipake guguru 
pikeun neangan kahadean mah 
nya-eta ku pancadria 
sangkan nganyahokeun ka sasamana.

Ari nu 7, 
nya-eta pikeun nganyahokeun yen nu araya dina babasan 7 tungkebing langit 
jeung 7 tangkaraking bumi 
pada kasipatan ku pangawasa Pangeran, 
sarta pangawasana teh henteu percumah, 
tapi estu berguna keur hirup sarerea, 
jeung

Anu 9, 
nyaeta pangawasa urang teh 
kudu dipake 
ngahirupkeun (nurut) kana paerntah Agama, ngahuripkeun ieu dunya, 
ngajalan-keun welas asih ka sasama.

Anu 40, 
satungtung urang ngarasa kasipatan 
ku pangawasa jeung pangersa Pangeran mah, atuh nya sapantasna bae aya rumasana, 
ari rumasana nya-eta 
ulah ngaku luhur 
ulah reu-eus, 
kudu daek nuduhkeun jalan kanu teu terang, kitu oge ulah ari nyanyahoan mah, 
daek ngahampura kana kasalahan batur, 
welas jeung asih ka sasama di dunya, 
henteu mandang basa jeung bangsa di dunya, mun boga kasalahan kudu tumarima, 
cindek mah kudu tumarima dina teu nyahona, sarta sawajibna kudu Iman, 
hartina nya-eta 
percaya ka Gusti, (nu sipatna diterang keun dina sipat 20 , jeung 20 deui ma'na-na), 
ka Kitabna, 
ka RasulNa , 
Malaekatna jeung 
Takdirna 

sangkan salamet ti awal nepi ka panggih 
jeung powe panganggeusan teh 
Islam patekadannana, 
prak Sahadat, 
prak Solatna, 
Jakat Fitrah 
Puasana, 
karena lamun teu kitu 
hartina lamun teu prak 
kumaha Munggah hajina? 
kapan bisana disebut agama hiji teh 
ku a-DATna, 
ari adat Islam nya-eta nu milampah Rukunna. 

  
    

Minggu, 22 Mei 2022

BUDI DAYA 16, KAMAL - KAMIL


minggu,22 mei 2022


BUDI DAYA 16, 

KAMAL - KAMIL





mudakarah ilmu, 
geusan bawaeun bekel nyungsi kasampurnaan.

ciri manusa anu sah kamanusaannana, 
kudu kersa ngamudakarahkeun pamendak, 

ari agama teh naon ? 
ceuk kaum ahrul sara: 
biasa bae nya-eta aturan-aturan 
anu dikudukeun ku kitab-kitab; 

demi ceuk ahrul Haq: 
eta mah lain agama tapi drigama, 
ari agama mah 
nya-eta elmu panyungsi diri 
pakeun jalan kasampurnaan.

Agama teh asalna tina kecap Adin, 
hartina: "peraturan" 
tapi naha rek ngagugulung peraturan bae, atawa rek terus ngaturna, 
tah dina ngaturna mah, 
tegesna peraturan teh kudu dipigawe, 
ku aturan eta urang tangtu boga kapercayaan, tegesna tarekatna Agama = nya kapercayaan; sanggeus urang boga kapercayaan 
nya tangtu urang boga cecekelan 
atawa ageman, 
tah haqna agama teh ageman, 
kantun ngawujudkeun patekadan urang kalawan prak kana ngalakukeun kabeneran, 
tah dimana geus ngawujud 
eta ma'ripatna agama, 
tegesna geus Suci tea 
atawa geus Islam tea.

ari agama naon gunana ?

lahirna supaya dunya beres sarta 
batinna supaya manusa bisa sampurna 
mulih ka jati mulang ka asal 
nyumponan dalil : 
Inna lillahi wa inna illahi rojiun.

naha lahir tergantung ka batin ?

Duanana sami, 
naon ari lahir sareng naon ari batin ?

lahir sifat nu kasar nu katingal 
ku panon kapala, 

demi batin nya-eta sifat nu gaib; 
anu aya tapi euweuh; 
anu euweuh tapi aya; 
karasa sareng katingal ku awasna perelmuan.

Naha sanes ku panon Qolbi ?

Upami urang ningal barang Qodim 
tegesna gaib ku panon Qolbi, 
eta sanes anu saleresna, 
amung ku ciciptan bae, 
da panon Qolbi mah tergantung ka panon lahir, awasna qolbi nurutkeun awasna panon, 
geura mangga awasna qolbi urang
ayeuna awaskeun ka Mekkah 
tangtos kana teu awasna 
da urang acan jarah ka ditu.

kantenan bae moal katingal mah 
da awas qolbi mah tegesna awasna qodim kapan paranti ningal nu qodim 
tegesna nu maha Suci, 
anu ceuk dalilna 
Ru'yatulahi ta'ala fie dunya biaenil qolbi.

urusan dalil ru'yat 
enya henteuna eta tergantung 
ka pamanggih pangarangna, 

ngan mangga akal pikiran urang 
geura bukakeun sina hirup, 
ulah percaya kana pangreka jelema 
kapan ceuk tadi ulah taqlid, 
kudu karasa kudu kaharti, 
ru'yat qolbi salawasna tergantung 
ka pamanggih ru'yat panon, 

geura urang eta tingal nu gumebyar beureum, tangtos ru'yat qolbi ayi guguru heula 
ka panon kapala, 
tegesna ari uninga yen beureum, 
meureun bae da geus terang rupa beureum, nyakitu deui anu koneng, 
bodas sareng hideung, 

geura mun urang tacan uninga sifat di lahir, kapan ka barang nu diaku ku urang qodim 
moal tiasa ngareka rupana; 

mangga urang nyandak jalmi lolong, 
tapi ulah nu lolong anyar; 
kedah nu lolong ti barang gubrag ka dunya, 
cik pek mangga titah tajali atawa tarekat, 
naha qolbina tiasa awas 
sareng terang kana sifat-sifatna ?

aya saur kieu :
"Maraneh kudu mikir kana dadamelan Allah, tapi ulah mikir kana Zat Allah, 
lantaran maneh moal bisa ngukur watesna", 

duka bener, duka henteu, 
dalilna kieu : 
Tafakkaru fie chalqilahi 
wal tatafakaru fa inna kum 
lan taqdiru qadrahu

ari dalil mah kudu kana kitab bae; 
surahna, sundana, malayuna, walandana, Inggrisna didinya aya kabeh.

peraturan teh kudu bisa jadi kapercayaan, lantaran kapercayaan anu berhubungan 
urusan ka Allahan aya 2 tingkat 
ceuk ahrul Sara : 
Tafakkaru fie chal qilahi wala tata fakaru fa inna kum lan takdiru qadrahu, 

tah dalil eta nu dikuatkeun, 
ari ku elmu Haq, 
dalil ieu nu dikuatkeun : 
Awalahu wajibin allal insanu ma'rifatulohitaala bistiqoni (awalu dini marifatulohi) 

eta mana anu leres ?

Sara leres, 
Haq leres.

har, ari leres duanana mah atuh rewed, 
anu mana nu kudu dibantun, 


urang rek nyokot nu aya saksina.

kapan eta dalil parantos kasaksi ku kitab-kitab.

upami  ngabantun tina kitab, 
disaksian ku kitab, 
disahkeun ku kitab, 
meureun benerna ge bener kitab eta mah, mana ari bener keur urang, 
cing atuh sing emut 
naha kitab nu neangan kasampurnaan teh? atawa salira urang ?

kantenan urang, 
ngan ngabantun jalan-jalanna tina kitab.

upami  ngabantun tina kitab 
sareng nu dianggap sah ku  tina kitab 
enggeus bae ulah sok nyarita 
jeung papada manusa, 

kitab bae ajak mudakarah, 
meureunan sagala aya, 
da mudakarah jeung manusa mah 
kudu terang elmuning manusa, 

eta kapan kapungkur geus jadi mu'alim, 
kapan lain mu'alim buaya ......... 
geuning ari pangakuan mah 
kapan jadi "mu'alim manusa" , 
tapi kakara jadi mu'alim kitab, 
da ku dumeh tacan terang elmuning manusa tea, tapi ayeuna mah sugan geugeuy.

sa upami sanes tina hadis dalil 
atanapi kitab anu mana atuh ?

anu jadi saksi-saksi pikeun ngaenyakeun perelmuan mah eta ku 3 rupa : 
akal 
pikiran 
perasaan.

tah eta 2 urusan, 
nya-eta Sara jeung Haq 
pamanggih geusan nerangkeun kaayaan Allah, anu kasaksi ku saksi-saksi urang, 
ayeuna hayang terang anu mana anu leres.

jadi saksi rasa, akal jeung pikiran 
urang ayeuna rek milu nyaksian 
ka nu geus kasaksi 
ku saksi-saksi urang tea ?



urusan dalil tafakkaru 
nu dikuatkeun ku ahli Sara, 
eta oge bener, 
mmargi ngabantun saksi kitab, 

nya kitu deui dalil Awalu wajibin, 
eta oge bener 
da kasaksi ku kanyataan pamanggih manehna, kalawan kasaksi ku imanna keur waktu tajali, 

ayeuna nerangkeun elmuning 
nu kapanggih sarta kasaksi ku urang sorangan kana dadamelannana 
ku percaya jeung ma'rifat oge kudu, 

tapi papada ma'rifat oge 
lain ngajinis kasaksi ku pancadria urang mah, ngan ma'rifat ka ayana Allah 
ku awasna elmu tea, 

tadi kapan urusan awas 
ulah waka diterangkeun, 
engke bae pandeuri 
lantaran penting teuing, 
tegesna meureun seueur keneh ka panasaran geusan tumaros hal ilmi kabatinan heula, 

ceuk wartos geus nyekel tarekat kawalian 
anu sajati, cing mangga pedarkeun 
ulah disumputkeun 
geuning da kitab oge nyarek, 
buktina aya saur kieu :
"Saha-saha nu ditanya tina hal elmu 
tapi manehna teu nerangkeun, 
tangtu manehna dina poe Qiamat 
dikadalian ku kadali seuneu". 
(Man su ila an ilmin fa katamhu uljima yaumal qiyamatibi lijamin min-naar?)

tah geuning sanajan kitab oge 
sakitu nyarekna ulah sok nyumputkeun kanyaho, 



ayeuna mah urang munajarahkeun, 
nu katimbang sae urang bantun 
anu salah urang tunda, 

ngawitan nerangkeun dalil : 
Man arofa nafsahu faqod arofa robahu, 
sareng 
Man arofa robahu, faqod jahilan nafsahu. 

Sundana : 
saha-saha  nu nyaho ka dirina, 
tangtu nyaho ka Pangeranna, sareng 
Saha-saha nu geus nyaho ka Pangeranna tangtu dirina ngarasa bodo.

tah eta kang dalil pang pentingna 
anu matak urang kudu ma'rifat teh 
geura kanyahokeun jatining ingsun, 
tangtu engke ma'rifat ka Allah, 
sareng engke upami parantos marifat ka Allah, tangtos urang salamina ngaraos 
teu daya teu upaya 
usik malik anging ku pangawasa anjeuna 
anu ceuk dalilna deui : 
wahua ma akum aenama kuntum.

tadi parantos diterangkeun 
yen dalil mah urusan kitab 
jadi ayeuna kana dalilna mah 
teu rek pipilueun ngan sakadar rek nerangkeun dina surahanana bae nu ayeuna 
didamel ageman. 

Saha-saha nu nyaho kana dirina, 
tangtu nyaho ka Pangeranna, 
tah eta bahasa Sunda 
nu eces 
nu nyata 
kalawan tetela, 

nerangkeun yen upami nyaho kana diri, 
tangtu nyaho ka Pangeran, 

awas kade, 
ari diri teh 
lain urangna, 
lain Ingsunna, 

diri mah jirim jeung jisim, 

ceuk bahasa Walanda mah : 
stoffelijke lichaam en astraal lichaam, 

jadi tegesna upami uninga yen 
"urangna" 
disifatan ku jirim sareng jisim (rohman-rohim) tangtu terang ka nu kagungan eta persifatan, nyatana nya Maha Suci tea.

Sanggeusna urang terang ka nu nyifat ka urang, kakara urang sing rumasa Lahaula tea, 
tah nu Lahaula mah jatining ingsun tea.




dina  kitab ditulis, 
yen Kj Nabi Muhammad teu pupus, 
sabab lamun anjeunna pupus 
alam dunya oge moal aya, 
pupus soteh majajina nu Sumare di Madinah tapi Hakekina mah aya di urang, 
nu matak wajib dikanyahokeun.

Jadi tegesna maksud eta kitab 
majajina aya di Mekkah, 
hakekina aya di urang ?

Sumuhun kitu ...........


Eta katimbang ku akal pikiran sehat ?
Raraosan mah ku pikiran sehat 
da puguh geus nyata.

ari akrobna Majaji jeung Hakekina dina naon ?
Dina Wujud !

Tah geuning ngartos,  
ari majaji urang akrobna sareng hakeki urang dimana ?

nya dina wujud urang
lajeng di asma an 

Tah geuning kahartos, 
ayeuna piraku bisa jadi, 
majaji aya di tanah Mekkah, 
ari hakekina di Pulo Jawa, 
kapan majaji tara jauh ti hakekina, 
majaji urang tunggal jeung hakeki urang 
piraku pipisahan, 
komo ieu nu lain-lainna deui, 
beda bangsa 
beda martabat, 

ceuk cohagna mah 
pamohalan aya majaji onta hakekina kuda, jeung deui ari elmu di urang 
enya oge make ngaran 
Muhammad majaji, 
Muhammad hakeki, 
enya make ngaran Muhammad tea mah, 
tapi ulah nyabit-nyabit ka Muhammad Kj. Nabi, ieu mah Muhammad lalandihan 
tukang elmu bae, 
tegesna teu patali jeung itu.

sifat anu 20 -- 

moal ditata sahiji-sahiji,  
bade dipecahan 4 bae. 
Nafsiah, 
Salbiah, 
Ma'ani, 
Ma'nawiah.


nafsiah nyatana napas
salbiah nyatana panon (heherangna)
ma'ani nyatana lelegok ceuli
ma'nawiah nyatana sungut,

pecahan 4 dina sifat 20 teh 
ngawincik sifatna Allah ? 
Atawa ngawincik pancadria ?

Ari sifatna mah sifat Allah, 
mung bae kapan lamun milari Pangeran 
kaluar tina diri tangtos kasasar.

Naha lamun parantos terang kana 
napas, panon, ceuli, sungut, 
naha parantos ngaraos panggih sareng Allah ?

Kapan didinya ayana tarekat jati, 
saparantos terang sifat nu 4.

kade dateu naroskeun 
gumulungna sifat nu 4 
dina keur waktu tarekat, 

naros soteh sifat-sifatna, 
piraku aya sifat Allah 
dina ceuli, 
dina sungut, 
kapan sifat 20 mah 
kaayaan Allah 20 sifat, 
kapan ceuk tadi oge 
sifat 20 mah katerangan, 
tegesna katerangan geusan neangan Allah kudu make sifat 20, 
jeung deui lamun ngawincik 
sifat nu 20 
dina ceuli, 
mana atuh langgengna ?

Dina Qodimna.

Naon Qodimna teh ?

Qodim napas angseu
Qodim ceuli denge
Qodim panon awas
Qodim sungut ucap,

anu matak didinya aya 
puji Qodim alal Qodim, 
hartina : 
Sumembah ka sifat Qodim mah 
kudu ku Qodim deui.

naon nu langgengna.
nu langgeng mah sifat "Qodim".

dina enggoning nganggap sifat 20 
aya dina salira, 
jalaran milari Pangeran ulah kaluar 
tina tangtungeun salira, 
naha pangraos ari Allah teh aya dina salira urang kitu?.

Atuh mun kitu aya di unggal jalmi mah seueur .

ulah rek lepat faham 
pang nyebatkeun aya Allah di badan, 
tegesna Allah angliputi urang kalawan 
Kudrat, Iradat, Ilmuna, 
jadi sategesna mah 
aya sifat hirup di urang.

Naha henteu 20 hannana 
ngaliputan salira urang, 
bet Qudrat, Iradat Ilmu wungkul ?

Sadayana oge ngaliputan.

Ari Kiamuhuta'alabinafsihina, 
saha nu ngadeg ku anjeun ?

Allah !

Ari urang ngadeg ku anjeun ?

Kantenan ti sabarang emut oge 
urang geus kieu da 
buktina teu inget ka alam asal.

Har, kumaha ari kitu, 
ari ngangken geus marifat ka Allah, 
tapi luak leok ka alam teu inget, 
ana kitu engke ngangken ka Allah ka kaula-Na.

Sumuhun raos urang mah
kalawan katerangan tina sifat 20 
kaulana tea nu dianggap Pangeran, 
jalaran kapan dina seuhna perelmuan 
geusan nyungsi jatining rasa, 
sedeng kapan ceuk dalil oge, 
rasa isun ya rasa gusti 
(al insanu siri waana siruhu).

kapan parantos seseepan dina buku taudz nerangkeun yen sakadang isun mah 
sagirna tina idajil, 
sareng deui mungguh  kaayaan isun 
sareng kaula tea teu kinten bentenna, 
ari isun mah nya nu parantos diterangkeun tea, ari kaula mah hiji titel (asmana) si ingsun 
anu geus kumawula, 

tapi kade dina enggon-enggoning kumawula sing emut, 
sanes kumawula ka dunya, 
atuh eta mah kaulaning dunya, 
tapi kedah kumawula ka gusti 
kakara jadi kaulaning Gusti, 
sareng deui ari pecahan sipat 20 mah 
bagian Nfsiah, Salbiah, Maani, Manawiah 
teu kenging disalang surupkeun kana 
napas, ceuli, sareng sungut, 
da eta mah wincikan Jasmani, 
da sifat Pangeran mah sifat Goib, 
jadi nu diwincik teh kedah goibna bae, 
kitu oge upami parantos af'al 
kana kaayaan goibna diri 
ulah ari diaku sifatna Pangeran mah, 
kudu ngaku soteh af'al kana sifat Pangeran 
anu nyifat di urang, 
geura urang terangkeun saeutik 
tina bagian pecahan nu 4 sareng nu 2 
Tina Nafsiah, 
tegesna Wujud nu Maha Suci teh 
tetela ayana, 
eta Datna; 

tina Salbiah nya saksina nu Maha Suci, 
teu kenging ditandingkeun sarta di cita-cita kalawan diadegkeun ku urang, 
tah eta sifatna.

Demi af'alna, 
lantaran nu Maha Suci murahna 
ka kaayaan dunya miwah nu ngeusiannana 
ku Rohman Rohim Pangeran, 
nyakitu deui tumibana ka urang 
eta Rohman Rohim, 
ngajadikeun af'alna ku gelarna sifat Ma'ani.

tina rohman Kudrat jadi Anggahota
tina rohim    Kudrat jadi Pangawasana
tina rohman Iradat  jadi Jajantung
tina rohim    Iradat  jadi Kadaekna
tina rohman Elmu   jadi Uteuk
tina rohim    Elmu   jadi Elingannana
tina rohman Hayat jadi Napas
tina rohim    Hayat jadi Hurip

ku katerangan di luhur urang tetela 
pangakuan kana ayana Pageran teh 
da sidik sifat rohman rohimna 
geus nyifat sifat Ma'ani ka urang, 

ari dina pecahan 2 tea 
nyaeta istiqor sareng istigna, 
geuning urang keur waktu tarekat 
bakal ningali cahaya lir kaya sumorotna 
panon poe ti pukul 9 dugi ka 11, 
tah urang kapan sidik siloka 
anu maksudna urang kudu terang 
yen anu bisa tunggal jeung wujud (11) 
nu Maha Suci 
anging nu geus bisa nunggalkeun (Wahdaniat) atawa 9 tea, 
jadi seuhna.

             9 -- Wahdaniat = tunggal
seuhna 11-- Wujud       = aya

tapi awas nu tunggal jeung nu Maha Suci teh kudu sifat nu Suci, 
lain Wahdaniat wadahna niat, 
ngan niat jeung niat bae, 
ari ngawujudkeun Suci mah 
tacan keneh, 
nggeus bae angkeuhan ngaku sajero tarekat nuggalkeun (akrob) jeung sagara ning Suci, puguh si isun, 
mun boro-boro sasifat 
kapan kumawula oge can bisaeun, 
dibawa solat oge sok ngatrok bae, 

cing mangga lenyepan, 
enya aya puji "Qodim Alal Qodim" tea mah, 
da gaib si isun mah sanes gaib Pangeran kapan gaib billa haefin tea, 
nu sok nyuwungkeun sifat nu aya, 
nya terus Asmauli Jinsi, 
ngajiniskeun Allah dunya tea, 
alias ........ Nur Cahaya.

Sareng deui urang keur waktos 
ngagulungkeun sifat nu 4, 
ulah rumaos nyumponan dalil: 
Al Insanu Siri, 

enya lali ka diri hilap ka badan tea mah,
atuh da eta mah pagawean si isun 
ana fana osok kitu sareng sanes 
antal maotu deuih, 

geura si isun ana boga kahayang sok tauhid, upamana nu bahari kaharti ku akal bae, 
lalakon Mi'radna si isun, 
upamana pareng urang jalan jalan 
di jalan gede, lar nu tumpak motor, 
leng bae si isun ka bengbat, 
terus mi'rad, 
ngimpi sajeroning rasa ngabogaan eta motor anclong-anclongan ka Pasar Baru sagala, kapan eta urang geus lali ka diri tega ka badan, kapan suku mah terus leumpang 
tapi si isunna keur tumpak motor 
panggih jeung nu wawuh oge tara patanya, mun teu di gebah, 

tah kitu kaayaan miradna si isun, 
tapi maaf lain nuduh mirad sajero tarekat 
osok kitu, 
ngan ieu mah tadi ge ibarat.

naha unggal nerangkeun pamendak 
wungkul nu kahartos ku akal bae, 
sedeng dalil-dalil nu tina kitab mah 
sok di ludat-ledot, 
kapan nu bener mah anging kitab ?

Bener kitu ?


Pamendak diri mah sanes, 
kitab mah ngan saukur bebeneran.

Naha kitu, 
naon margina ?

geura mangga nyandak kitab, 
naha nu baris maca teh urang, 
atanapi kitab nu maca urang?

Kieu geura, ieu urang ngabantun cau, 
meureun nu di arah teh rasana.



Tah leres, 
namung lepat eta teh, 
kapan rasa mah parantos aya dina raos urang, ngan amisna dina cau 
tegesna rasana urang, 
amisna cau, 

nyakitu deui kana kitab, 
benerna aya di urang, 
bebeneran aya dina kitab.


bener mah teu tergantung ka bebeneran, 
sing emut, 
bener mah sanes bebeneran, 
lumpat mah sanes lulumpatan.




Ari ngaku Islam mah henteu, 
da diajar keneh, 
mun ngaku keur nyungsi rumasa.


Samemeh nerangkeun percanten henteuna mana heula naon henteunna percanten, 
sareng kapercantenan ?
Kapercantenan mah padamelan, 
dupi percanten mah parantos didamel.

upami digawe tah naon 
nu dipigawe teh?

nya pagawean ?

upami percaya ?
nya kapercayaan !
kapercayaan saha ?
nu tangtos kapercayaan jalmina anu percaya.

kapan percaya teh kana kapercayaan pribadina, sanes kanu sanes, 

naon atuh ari sampurna teh ?

jadi upami ayi hayang terang sampurna taroskeun bae ka nu sampurna.


pang ngelmu teh pigeusaneun nyungsi kasampurnaan.

kasampurnaan mah sanes sampurna.
naon atuh ?

Geus diterangkeun pang ngelmu teh pigeusaneun nyungsi kasampurnaan, samangsa-mangsa geus uninga kasampurnaan tah kakara nembe sampurna. 

Kapan ayeuna mah boro-boro sampurna 
kapan kasampurnaan oge nembe dipilari.

aya deui basa 
Insan Kamil Mukamil, 
hartina sampurnaning sampurna, 
bakal beak rasana jasmanina, 
jadi dat laesa kamislihi, 
naon ari eta 

eta mah sampurna beak 
ari kecap sampurna teh Compleet; 
kieu geura:
keur jaman orok urang teu eling, 
ayeuna geus akir baleg urang ngarasa eling, 
tah dina eling na ulah hayang teu eling deui, tapi kedah gaduh tekad 
nyungsi sagaraning eling, 
kapan seueur paguron anu nekadkeun 
hayang teu eling deui , 
eta teh sampurna cenah, 
jadi Qamislihi deui; 

benerna mah nyungsi sagarana, 
tah sagarana nu pantes 
disebut sampurna mah, 
tapi lain eling wungkul, 
da tadi ge diterangkeun 
yen sampurna teh compleet, 
tegesna ari nu kagungan sifat sampurna mah anging Pangeran, 
ari eta Insan Kamil Mukamil 
bakal manjing kana Dat laesa qamislihi deui, eta oge leres teu aya lepatna, 
namung saha tea ? 

Si isun atanapi jirim jisim ?
Jirim, jisim mah 
pantes manjing kana Dat laesa deui oge, 
da sifatna itu, 
tapi urang nu kajadiannana tina sifat itu.  
Naha geus jadi insan ? 

kapan ngigelkeun kamanusaan 
maka lagu Islam teh sakieu hesena, 
sok saliwang bae, 
boro-boro nincak laguna, 
nincak kecrekna oge salah bae,
Komo, Kamil,
Komo deui mukamil

ari tekad-tekad si isun komo kitu digulungkeun, sasat lamun kuda teah mah dilepaskeun, 
nya terus nyebrut ka dunya deui bae, 
hayang mulya, hayang pinter, hayang maju, malah mun lugay ti Jasmani tea mah 
hayang nitis kanu leuwih senang 
ti batan ayeuna, 
ari ngaku elmu Allah, 
tapi gawena cedihan, 
embung mingpin anu miskin, 
embung nungtun nu dusun, 
tapi oborna mah Liefde (welas asih ka sasama) ngan sasamana lain sasama gumelar, 
tapi sasama saharkat, 
sasama samartabat, 
da ari kanu hina mah teu daek ngaku sasama, tara nulung kanu butuh nalang ka nu susah, 
ari manggih nu prihatin teh teu milu sedih anggur nyered ka papasten, 
kieu takdir kitu takdir, 
nuding kana pambalesan, 
welas asihna teh ngan saukur nyebut paingan: "De oorzak en 't gevolgd" 
tuluy semedi pagede-gede ciptaan, nilik takdir nyawang kadar, mugi-mugi ulah pinanggih prihatin , nyorang sagaraning lara, anggur hayang wuwuh-wuwuh dilahir ginanjar rahmat tah nu kitu kaliru keneh, 

benerna nyifat pasifatan Allah mah 
enggon-enggoning miwelas miasih teh, 
teu pandang bulu teu pandang rupa, 
teu pandang kaya teu pandang miskin, 
teu pandang bangsa teu pandang agama, kasifat nu papada Gumelar mah 
welas asih bae, 
jeung teu pandang pamuji, 
teu pandang pamojok, 
estu iklas kumawulana ka anu dikawulaannana, geus iklas kana nafsu dunya, 
wungkul tauhid ka Yang Suksma, 

ulah cara ieu pangakuan mah 
teu takluk kana kahayangna nafsu (begeerteloos) 
tapi si isun anu kabur, 
diangon di tegal angkeuhan 
dirungruman kamulyaan alam dunya.

tinimbang seueur miceun waktu anu percumah, anggur eta waktu teh geura anggo keur ta'udz salindungan kahadean, 
anggangan kagorengan 

da sanaos 
seueur elmu, 
seueur aosan, 
seueur jampe sareng kitab-kitab oge, 
upami teu kersa Ta'udz mah tetep Batal-na, hartosna moal soheh (sah) pangajina teh, sareng sabalikna 
sanaos teu tiasa maca, 
teu tiasa ngobrol oge, 
tapi ana kersa Ta'udz mah 
eta mah sami bae geus bisa nyumponan 
kana ngaraning manusa 
nu katetepan ku kamanusaannana 
sareng moal keuna ku batal jeung haram sanaos aya di tempat mana oge; 






Karuhun (Nu Kapurba)


minggu,22 mei 2022


Karuhun (Nu Kapurba) 


Budi Daya 15



Ari hartina karuhun teh 
nya-eta anu jadi lantaran ngasalkeun 
"ayana" jas-mani jeung getih (rohaniah) urang, nya kitu deui 
ti Nur Ruhun 
(Wujud anu Maha Suci = nu murba) 
urang geus kasifatan 
ku kamurahan jeung kaasihan Anjeunna, buktina :


Roh urang kasifatan ku Kudrat (Pangawasa) nya tuluy boga Kabudayaan (kunst) ?

Roh urang kasifatan ku Iradat (Pangersa
nya tuluy boga Kadaek.

Roh urang kasifatan ku Ilmu (Uninga) 
nya tuluy boga Kanyaho.

Roh urang kasifatan ku Hayat (Hirup
nya tuluy boga Hurip.

Roh urang kasifatan ku Sama (Ngarungu
nya tuluy boga Ngadenge.

Roh urang kasifatan ku Basar (Ningali) 
nya tuluy boga Nenjo.

Roh urang kasifatan ku Kalam (Ngandika
nya tuluy boga Ngucap

Naha hiji bangsa bae 
anu ngabogaan JAS-mani jeung 
Roh anu kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan Nu Ruhun (Gusti) teh ? ? ? . . . . . .

henteu ! ! ! 
Cindekna sakabeh kaayaan jeung 
anu ngajamannana estu kajadian ("ayana") teh make lantaran ti "Karuhun" bae . . . . . . Katerangannana kieu :

Moal urang jadi jelema, 
lamun karuhun urang lain jelema ! !

Moal jadi tangkal cau, 
lamun Karuhunna lain tangkal cau ! !

Ngan lebah 
kabudayaan, 
kadaek, 
kanyaho, 
hurip, 
denge, 
tenjo jeung 
ucapna 
eta asal kasifatan ku Nu Ruhun, 
nya Gusti nu Maha Suci tea . . . . . .

Keur naon gunana eta 7 sifat ti Nu Ruhun teh ?

Ari gunana mah 
nya-eta sangkan sakabeh mahluk 
nu geus ngarasa ngabogaan (diparabotan) 
ku ayana Jasmani nu ti Karuhunna jeung 
ROH-MANI-ROH-HIM (Kawelas-Kaasihan) 
ti nu Ruhun 
pek daraek netepan 
dina enggon-enggona jaradi mahluk, nyarumponan kana adegan 
sarta ngaran anu geus diaraku 
ku maranehna, 
saperti :

Kangaranan :
Tangkal cau, 
tangkalna, 
daunna, 
kembangna, 
buahna jeung sagala-galana 
kudu tetep "cau" . . . . . .

Kangaranan jelema, 
nya kitu keneh !! 
Geura netepan dina ngaraning jelema !!!! 

Geuning saur Karuhun aya kieu : "Geura pigawe pagawean 
sa-JATI-ning Manusa 
(nu tulen-tulenna ngaran manusa), 
Upama kieu :

Kecap :
"Karta nginum" . . . . . .
Sa'adatna, anu di-inum teh inumeun
Sah'adatna, nginumna kudu di kasungutkeun
Saha'datna, anu nginum ? . . . . . .Karta !!

Kakara nginumna teh 
nyumponan kana kecap 
"Mangeran kana bener 
sarta manutan kana rasa 
anu bener !!!

Ageman manusa oge 
ari samistina mah kudu kitu, 
nya-eta : 
"Syah-adat-ing Manusa tea"
Nya-kitu deui pikeun 
"Mangeran ka Wujud anu Maha Suci 
jeung manut ka Rasa Nu Maha Suci"
atuh kudu sing nyumponan 
kana kecap anu geus diucapkeun 
ku maranehannana 
da ari kecapna mah 
eta ngan beja ti batur . 
waktu urang keur tatanya !!!. . . . . . 
Ayeuna tinggal geura prak-keun ! 
Bisi kafiran !!! . . . . . .

Naon ari kafiran teh?..... 
Ari kafiran, nya-eta : 
Kapan tadi geus diterangkeun 
"Urang ti Nu Ruhun jeung ti Karuhun 
geus dimodalan parabot : 
Kabudayaan, Kadaek, Kanyaho, Hirup, Denge, Tenjo jeung Ucap, 
tah eta parabot geura gawekeun, sangkan ngawujud sarta nyumponan 
kana kecap anu geus diucapkeun ku urang tea. Lamun teu digawekeun mah 
atuh tangtu kafirannana 
"kapan hayang jati 
naha atuh teu daek digawe ???"

Ku lantaran eta, 
loba conto dina waktu ieu 
loba anu ngaharamkeun 
kana kabudayaan Karuhun urang, 
sedeng eta anu ngaharamkeun teh 
lolobana bangsa urang keneh, 
sedeng maranehannana 
enggon-enggoning ngaharamkeun 
kana kabudayaan karuhunna teh kalolobaannana teu puguh ujung puhunna, 

naha pang disebut teu puguh ujung puhunna ? Pangna disebut teu puguh ujung puhunna teh ku lantaran maranehannana 
ana ditanya naon maksudna karuhun urang boga kabudayaan kitu ? 
Saperti : "Ngawayang, Wawacan, Mantun jeung sajaba ti eta" 
anu ngandung siloka baris hartikeuneun 
ahli warisna ...... 
Maranehannana tuluy ngajawab 
"euweuh dina hadisna" !!! 
jeung teu meunang ku agama ! 
Nya ari babakuna mah 
teu nyahoeun kana kabudayaan karuhunna !

Har, kutan aya agama 
atawa dirigama anu ngalarang 
kana kabudayaan (kunst) karuhunna 
salah sahiji bangsa anu nuju kana kahadean pikeun kasalametan sakabeh bangsa jeung ngarukunkeun kamanusaannana ???? 

Bener aya larangan waktu K.N. s.a.w 
ka urang Arab ! 
Baheula anu sok daraek nyarembah 
kana A-allahan, 
Arca, jeung sajaba ti eta, 
nepikeun anu ngabogaan gambar oge cenah dilarang lantaran tina kasaean Kanjeng Nabi ....... 
Tapi di urang mah 
tara nyembah kana wayang, 
jeung eta teh kapan dadamelan Wali 
anu ngislamkeun tanah Jawa cenah, 
sarta ngandung siloka anu parenting pisan 
keur hartikeuneun bangsana 
anu resep nyungsi kasucian batinna 
sarta keur kasalametannana mahluk 
kalawan teu mandang basa jeung bangsana !!! 

Tah ku lantaran eta 
sok asa teu kaharti sanggeusna nyaraho 
kana kitab anu dianggap hade 
bet tuluy loba cekcok, 
mending mun tara sok 
kitu haram kieu haram mah. 

Padahal anu haram mah, 
nya-eta anu kafiran, 
nu tara daraek marake nu asal ti karuhunna jeung ti Nu Ruhun tea 
pikeun nyarungsi 
sarta sing nepi ka bisa ngawujudkeun beunangna tatanya 
ti bangsa sejen atawa bangsana sorangan.

Kumaha Syahadat teh? Kumaha Jatina Syahadat teh ? 

Sing sa-adatna 
kumaha nu nekadkeun Mangeran ka Allah jeung nu nekadkeun Manut ka Rasullulah teh ? 

Naha arek putus ku ngalimahna bae ? 
Moal di Syah-keun 
ti nu diucapkeun ku urang teh 
sing nepi ka ngawujudna ?  

Saha datna 
anu kudu Mangeran jeung manut teh ? 
Lain urang ? 
Geura prak atuh, 
da ngan ayeuna, 
waktu urang keur di dunya, 
anu kudu daek migawe pagawean 
anu harade pikeun kasalametan 
mahluk sakabeh teh ? .............

Solatna, 
sajabana ti nu biasa dijalankeun, 
nya-eta nu lima waktu tea, 
naha teu pantes lamun urang heug daek nurutan kabudayaan karuhun ? 

Geuning bejana ari karuhun sok aya kieu : Lahirna urang dikudukeun 
daek sumembah ka indung-bapana, 
guruna jeung ratuna". 
ari pangna kudu daek nyembah, 
teu aya lian lantaran urang kudu rumasa, 
kapan jas-mani jeung roh urang 
ari lantaran mah asal ti Anjeunna.

Sarta sabalikna 
ulah umangkeuh geus jadi wong alim, 
sarta ka indung-bapa nganggap wong dolim, kapan ari nyaho mah boga kolot teh dolim,  pang-Mijahankeun atuh ! 
jeung omat ulah rek Mijah 
boga hayang ditukeuran ku dunya baranana . . .

Sumembahna ka Pangeran, 
atuh anu puguh ! 
Wujudkeun beubeunangan urang tatanya teh, 
ti bangsa naon bae, 
asal anu harade sarta kaharti, 
anu nyarungsi kana sifat ka-Allahan ! 
Pikeun neangan Jati-ning Solat 
dibarengan ku migawe laku lampah anu harade sarta nyumponan kana kecap 
anu geus diucapkeun ku urang 
sangkan merenah dina enggon-enggoning nyebut (ngaku geus bisa nyembah ka Allah), dibarengan deui ku daek ngarasa asal 
lantaran ti indung-bapa, 
geus kitu geura daek nembongkeun karumasaannana . . .

Wudhuna: 
Leungeun ulah dipake 
ngawujudkeun laku lampah anu goreng, 
sungut ulah dipake ngomong anu teu pantes, beungeut sing manis, 
ceuli kudu dipake ngadenge jeung 
panon geura dipake nenjo, 
ana geus kadenge sarta geus katenjo 
geura pake milih mana nu hade 
geura lampahkeun, 
anu goreng keur tundaeun, 
ari ngadenge goong parunggu atawa 
nenjo babi mah meureun moal haram, 
sugan anu haram teh 
pangrungu anu goreng (carita tukang tipu) 
nu maksudna arek usaha wungkul ! 
Jeung lamun urang nenjo babi mah 
sugan moal haram-haram teuing, 
haram soteh lamun urang jadi jelema 
anu laku lampah jiga babi ! 

Embun-embunan 
sing katetepan ku pamilih anu bener, 

suku ulah dipake migawe jeung sabangsana.

Tah eta nasehat karuhun !!! 
Naha ulah dipake ??? 
Naha beresih kalakuan teh 
putus ku beresihna cai bae ? 
Meuereun ari beresihna jas-mani 
nya bener ku cai, jeung 
kawelas kaasihan Pangeran mah 
kudu ku laku lampah 
anu berdasar welas asih ka papadana deui ...... Nya hadena mah “hade lampah, beresih cai”.

Zakat-fitrahna
sajabana ti anu lumbrah; 
turutan deui bae karuhun, 
nya-eta cenah karuhun mah 
sok daraek tutulung ka nu butuh, 
tatalang ka nu susah, 
nganteur ka nu keu’eung jeung 
sok nuduhkeun ka nu teu nyaho 
kajeun ka bangsa naon oge, 
kajeun ka nu tara sambeang oge, 
kajeun anjing budug ti jarian oge, 
asal ulah rek nyilakakeun bae; 
komo ari ka indung-bapa mah : 
Ulah abong-abong sok sambeang 
ka indung-bapana oge 
sapedah ku tara sambeang tea 
mani teu daek ngaku-ngaku acan, 
pajar teh anjing cenah ! 
Samrukna sapedah kahalangan 
ku teu sambeang teh 
ulah (teu kudu ditulungan), 
malah saur karuhun mah : 
Eta nu sok kitu ngaranna “akal koja” 
(ulah mere, hayangna dibere bae) 
jeung cenah jaman karuhun mah 
ana tutulung teh tara agul jeung tara 
dina hiji bulan bae, 
malah salawasna bae, 
satungtung gumelar dilahir kuduna kitu.

Puasana
sajabana ti nu lumbrah; 
karuhun mah ana fa’na kana per’elmuan 
(kana pamanggihna) 
nepikeun ka lali kana dahar lali sare, 
lali kana sagala-galana, 
estu junun ka nu hiji, 
tapi lain lali owah akal, saperti ngaco, 
lain poho ka indung-bapa, 
ngomong lain cara anu kasurupan, 
cara si Dadap kasurupan ku sukma si Ali, 
lain; 
tapi ku fa’nana tea, 
estu jauh tina sipat anu teu difanakeun, deukeut rasana jauh sareatna, 
paingan cenah tara jauh ti rasana, 
beda deui jeung si Dadap anu kasurupan tea, ana puasa teh samemehna “pek” 
sok gancang nanyakeun bukana heula. 

Cindekna rarasaannana teh 
geus deukeut jeung kadaharan bae. 
Atuh ana kitu mah 
paingan si Dadap jauh rasana. 
Alias teu pati eling. 
Atuh moal bisa “Salim soleh” (sabar-tawekal). Atuh moal nyaangan batur (mamaleman). 
Moal boga rasa rumasa ka Karuhun 
jeung Nu Ruhunna? 
Naha moal lebaran kituh ? 
Naha arek munggah jadi hiji jeung si Ali 
anu aya dina tangkal palem bae.

Munggah Hajina 
Sajabana ti nu biasa; 
urang oge kudu munggah jadi hiji 
jeung sifat-sifat anu harade
da urang oge kasifatan 
ku sifat-sifat anu harade, 
nya-eta: 
Roh urang kapanjingan (kapurba) ku sifat : Kudrat buktina geus boga kabudayaan, 
ku Iradat bukti boga kadaek, 
ku Ilmu bukti boga kanyaho, 
ku Hayat bukti boga hurip, 
ku Sama bukti boga ngadenge, 
.ku Basar bukti boga nenjo jeung 
ku Kalam bukti boga ucap ..... 

Keur naon eta teh ? ..... 
Kapan cenah hayang ngawujudkeun hade, sangkan engke bisa nyentraal 
kana sagarana hade? .... 
Geura prak atuh digawe, 
meumpeung parabot cukup keneh, 
anggahota meumpeung kumplit, 

nasehat pikeun nyungsi kahadean 
saeutik-eutikeun enggeus nyaho, 
meujeuhna geura prak digawe, 
naha arek iraha deui atuh ? 
lamun henteu arek ayeuna ? 
sugan mohal ari arek dipupusti 
keretas jeung tulisannana bae mah, 
da henteu rek nyembah 
ka keretas jeung tulisannana. 
Tadi mah diajar nulis jeung maca soteh 
nya-eta kuhayang nyaho sarta ngaharti 
kana kitab-kitab anu cenah nerangkeun katerangan Agama jeung ngudukeun kumaha para Nabi ka umatna teh ? 

Ku lantaran kitu atuh ari geus ngarti mah 
wajib tea dijalankeunnana 
ari matak mawa kana kasalametan mah, 
jeung wajib deui ongkoh daek ngabejaan 
ka nu acan nyarahoeun, 
saperti : 
“Nu lantaran kamiskinan 
heug teu bogaeun ongkos keur tatanya, 
anu jarahat, 
anu disebut kafir tea jeung sabangsana” 
ulah dipojok, 
tapi lamun nyaho geura pek omekeun. 
Kapan sok “Kul Hu”, 
bejakeun kanu teu nyahoeun atuh, 
ari urang geus nyaho mah !

Katerang pribadi nu ringkes : 
“S a n g k a n  h a d e”

Sa-adat-na : 
Nu rek kumawula parabotna kudu aya, 
kudu ka saha nya kumawula teh, 
kudu kumaha prak-prakannana 
jeung ka saha nya manut teh ?

Sah-adat-na : 
Migawe sagala pagawean ku anggahotana nurutkeun nanaon (sagala) parentah panutannana jeung ulah ngalelewe, 
sabab eta sarua jeung ngahinakeun 
kana rasana sorangan.

Saha-datna ? 
Sakabeh mahluk, 
anu ngarasa kudu rumasa.

Syahadatna : 
Nekadkeun Mangeran ka Wujud nu Maha Suci jeung Manut ka Rasul nu Maha Suci.

Kudu Solat
Sabab eta padamelan Rasulullah 
ari sababna anu uninga kana Wujud 
anu Maha Suci anging Rasul Anjeunna.

Kudu Netepan ...... 
Sing saha anu rumasa ka-aya-an rasa 
nu asal ti Rasulullah, 
daraek netepan, 
mun manusa kudu katetepan 
ku ka-manusa-annana 
sabab 
mun manusa laku lampahna nirca, 
eta sarua bae jeung henteu netepan 
(mun tangkal cau tea mah buwahan kadu)

Kudu Sembah-hyang ...... 
Sembah Karuhun urang ! 
Karana mohal aya urang 
lamun teu dilantaranan ku ayana karuhun! 

Saha nyatana Karuhun teh! 
Tah indung jeung bapa!!! 
Tah eta guru, 
tah eta ratu, 

nya-eta wong attu, 
nya-eta wong atua karo! 
Nu ngayuga ka urang beurang jeung peuting! Nu ngawarah urang! 
Nu hese cape, 
malah loba nu teu bisa netepan, 
lantaran ku ngurus urang tea, 
ulan ngahina atuh ka kolot 
upama kolot urang teu bisa netepan! 
Anggur fijahan kadinyah! (pang-nobatankeun!) Kurbankeun kahewanan urang, 
peuncit kasatoan urang, 
waktuna tuluy pake migawe kamanusa-an, kolot teh tangtu sukaeun 
jigana sanajan geus aya di aherat oge 
anu tangtu milu bungahna! 

Sindirna : 
Ngarukunkeun ramo lima 
nu ti kenca jeung katuhu, 
diacungkeun bari tungkul aya di aherat oge anu tangtu milu bungahna! 

Sindirna : 
Ngarukunkeun ramo lima 
nu ti kenca jeung katuhu, 
diacungkeun bari tungkul 
tanda ayana aya panghormatna 
sanggeus ngacung eta panghormatna sanggeus ngacung eta ramo 
dibalikkeun kana tungtung irung 
mawa harti yen dina diri teh 
estu kapurba ku anu Ruhun 
(Gusti=Hyang Agung?), 

kade ulah dianggap sanghyang Dewa 
bisi aya nu ngaharamkeun! ....

Tadi oge aya cenah 
“Saha anu daek sumujud ka kolotna 
eta sarua jeung sumujud kana dirina, 
saha nu sumujud kana dirina 
(lamun manusa ngagem kamanusa-an) 
eta sarua jeung sumujud ka Wujud-Na

Kudu Sambiyang : 
Sugan cageur kudu bageur. 
Sugan ngeunah kudu genah, 
lamun hade eta kade (ati-ati) 
lantaran ayeuna lamun arek nyiar hade 
sok manggih goreng, 
kitu oge “lolobana” ......... 
Mun urang cukup kudu nyukup. 
Elingkeun salawasna 
ceuk Jawana : 
Heneng-hening-hawas lan heling.

Ulah salah paham, 
ieu katerangan pribadi 
“sajabana” tina Solat biasa.

Zakat-Fitrahna : 
Tulung anu butuh, 
Talang anu susah, 
Anteur nu keueung, 
Tuduhkeun anu teu nyaho.

Puasana : 
Sing bisa ngarasakeun

Beubeunangan sakola, 
beubeunangan masantren, 
beubeunangan tatanya ti bangsa sejen sumawon ti bangsa sorangan 
geura prak atuh parigawe 
sangkan ngawujud 
sacara anu geus diparentahkeun 
pikeun nyungsi ngaranin, 
hade sagala-galana. 

Sarta sabalikna 
ulah nepi ka jadi loba nyieun goreng 
kasasama hirup ............

Sing Munggah Haji jadi hiji 
dina Kahadean 
nya-eta sangkan ka purba ku nu Maha Suci.  


Sabtu, 21 Mei 2022

BUDI DAYA 14


Minggu, 22 mei 2022


BUDI DAYA 14

aya anu ngagaduhan kapalay nyungsi kana jalan sae (Agama) kahalangan ku teu gaduh dunya, tuluy sok aya saur kieu : 
"Ari kana Agama mah kabeh oge pada harayang ngajalankeun, ngan kumaha ari teu boga modal mah geuning sok baroraah 
aya nu daek mapagahan, kapan dicampuran oge tara, komo ari anu geus kasebut sok daek ngaja-lankeun kajahatan mah jigana teh 
ngan wungkul jadi pamoyokan, 
da ari tuluy diomekeun mah tara; 
leuheung ari ieu diharam-haram mah, 
jeung ari anu kurang pangerti-budina mah nyebut haram jeung ngewa teh 
lain kana tekadna nu salah, 
tapi ieu mah estu kana adegannana, 
jadi upama kadupak mobil mah 
lain hayang ngajar kanu nyetirna, 
tapi ieu mah anu ngambek teh 
bet kana mobilna, kapan aya nu sok kieu : nenjo ronggeng, haram ! 
nenjo bangsat haram ! 
nenjo tukang maen haram !, 
tapi ari manehna usaha ku jalan ngaronggeng (igel-igelan bari ngalagu, teu rumasaeun) , nekadkeun usaha 
ku jalan ngadagangkeun Asma Pangeran (kanyahona tina hal Agama ku manehna 
dipake andelan neangan dunya, teu karasaeun), kapan nyaho ari Elmu Agama kudu diamalkeun, naha atuh dipake usaha ?"

Kapan loba nu sok dimaenkeun, 
hartina teu buru-buru dituduhkeun 
"kudu kumaha prakna 
sangkan urang disebut manusa, 
kapan geuning tangkal cau mah, 
sok cau sagala-galana, 
tara ngaronggeng da lain ronggeng, 
tara maling da lain bangsat, 
tara maen, 
malah cauna oge tara hese didaharna, 
tur rasana tara jauh tina rasa cau, 
kacaba ari nu ngadaharna teu walagri mah, 
nya eta gumantung 
ka nu ngarasakeunnana bae".

. . . . . . . 
"Bener ari di dunya mah sagala oge 
kudu aya sarat dunya deui, 
nya-eta nu aya, keur nu euweuh; 
nu euweuh mistina kudu ti nu aya, 
sangkan bisa nyungsi kana jalan ka Allahan 
ku nyumponan kana ngaraning manungsa 
nu aya  kamanusaannana " . . . . . . .

. . . . . . .
Tah ku margi sok aya saur anu kasebat di luhur manawi katampi supados modal urang 
kangge nyungsi kana Agama, 
ulah kabujeng seep 
ku nu ngaronggeng, 
ku nu maling (nipu), 
ku nu maen 
kedah enggal bae geura tawajuh 
(guguru ka guru anu mursid) 
ku jalan tawajuh 
dina tempat nu teu kaauban ku wawangunan, nya-eta ulah kapincut ku carita jijieunan 
nu ngabibita wungkul, 
cindekna kudu tawajuh mah 
kudu ka nu ngawangun, 
da sanajan kasaungan oge 
ari laku lampah urang hade mah 
ku nu ngawangun (Pangeran) oge 
tangtu dipiasihna, 
agamana tangtos katepi . . . . . . .

. . . . . . . 
Tawajuh di tengah lautan, 
nya-eta hate urang sing lebar (lega) 
ulah cupeut sarta tekadkeun 
Mangeran ka Wujud nu Maha Suci 
sareng Panutkeun ka Rasul nu Maha Suci meumpeung urang dipasihan pitulungna 
nu Maha Suci (jijiriman-jijisiman) . . . . . . .

. . . . . . . 
Tawajuh di enggon, 
nya-eta kedah aya di enggon sorangan, 
mun rumaos ngagaduhan asma (jenengan) manusa, 
atuh kamanusaan urang 
ulah ditebihkeun tina adeganana (enggonna) . . . . . . .

. . . . . . . 
Tawajuh di tengah leuweung, 
nya-eta sing tiasa nyepikeun (nebihan) 
hawa nafsu dunya nu sok nyasarkeun . . . . . . .

. . . . . . . 
Tawajuh di ungkulan kitab, 
nya-eta sing tiasa mupunde 
saeusina kitab Pangeran, 
elingkeun salamina 
teundeun dina embun-embunan 
sangkan ulah salah tekad . . . . . . .

. . . . . . . 
Tawajuh di amparan samak, 
sing sa maksud jeung Agamana, 
saampar jeung nu ngamparkeunnana (Guru), guru nu neteskeun urang 
satetes ulah sulaya, 
mun awas ningali kuda, 
atuh ulah sok dibejakeun munding, 
mun ngadenge sora musik 
ulah dibejakeun nu ceurik, 
cindekna urang ulah osok bohong 
kudu guru jeung muridna akrob kanyahona teh, tapi lain akrob jasmanina . . . . . . .   

Boweh sindirna 
urang kudu beresih, 
lain beresih euweuh, 
tapi beresih hade nya kalakuan, 
hate sing seukeut kanyaho, 
bisa milih nu salah jeung bener, 
ulah sok rubuh-rubuh gedang, 
sagala kumaha batur, 
iklas tega kana sipat pati, 
nimbulkeun ka sipat hirup 
ku daek ngahirupkeun anggahotana 
pikeun nyungsi ka Nu Hirup, 
nya Gusti Nu Maha Suci, 
satungtung ngumbara di lahir 
kersa nutup barang luwareun manusa, 

sindirna nutupan panon, 
ceuli, irung, sungut sarta sing eling 
ka Rahmat Gusti nu ngocor taya kendatna, 

sindirna nu tawajuh sisi cai, 
nganyahokeun ka murahan Gusti 
teu beda jeung cai palid ngeusian buana kabeh, mun ditulis moal mahi pimangsieunnana, kertas jeung kalam nya kitu keneh. 

Nu matak ti baheula nepi ka kiwari 
teu beak-beak nasehat, gunta-ganti kanyaho 
nu ngajamanan, nurutkeun kaayaan jaman bae, jadi lamun dibukakeun mah estu moal katuliskeun kabeh, 
paingan nu miskin susah, 
susah lamun dimahalkeun mahal 
kudu dibeuli ku dunya, 
susah pimeulieunnana, 
nya tuluy loba nu miskina sagala-galana, 

paingan loba nu jahat, 
jahatna lantaran teu nyaho di bener; 
tukang bener kitu deui , 
loba nu ngan kari akuan wungkul, 
merkna paluhur-luhur, 
embung lamun teu kasebut, 
sakabeh pamuji kahayangna keur manehna, estu Adam lali tapel, 
hartina geus poho kanu gaduh puji (Bismillahi), geuning saur sepuh kapungkur mah 
sok aya saur kieu : 
"Ulah sok hayang kapuji, 
anggur urang kudu resep muji", 
tapi kumaha ari ayeuna ? 
Nya kalolobaannana mah 
pada harayang kapuji bae !!

"Ulah hayang kasebut pinter" 
sabab anu pinter mah anging pitulung anu Maha Suci (Illa billahi aliyul adzim?), 

malah samistina mah 
kudu rumasa teu daya-upaya-upaya acan 
(la haw la wala quatta?), 
tapi ieu oge kumaha? 
Ieu oge nya sami bae, 
sabagian gede nya rata-rata umangkeuh 
boga rasa aing bener, 
aing nu bisa, 
sarta sabalikna kabenerannana teh 
teu dirasakeun heula. 
Ku ayana anu kitu teu euweuheun 
sakalieun aya nu nuduhkeun 
ka nu kapandang bener oge 
sok rajeun aya nu "nyegag". 

Komo ninggang ka nu gila-basa, 
estu anggapannana ngan hiji bahasa bae  
anu boga bener teh, 
nepi ka meh-mehan hayang miceun 
(teu nganggep bener kana bahasana sorangan).

Tah nu kitu ana geus kaporong 
sok ngajadikeun hiji kajadian 
nu pohara kaliruna, 
kaliru kana tujuan Agama, 
buktina loba kajadian 
aya anak ngalainkeun ka kolot, 
ku sapedah henteu salagam, 
padahal lagam sora atawa nasjidna huruf mah eta henteu gumantung kana tujuan Agama, 
da ceuk sepuh kapungkur mah geuning 
sok aya saur kieu : 
Pangeran iku ora aningali ucap, 
anging aningali tekad, 
anu pisundaeunnana kieu : 
"Pangeran teh henteu ningali ucap 
anging ningali tekad". 

Kumargi eta upami parantos kahartos parentah-parentah anu katulis dina kitab-kitab anu nuju kana Agama 
cing geura atuh wartosan 
anu teu aracan aruningaeun, 
ka urang Sunda atuh ku Sunda, 
ka urang Jawa atuh ku Jawa, 
Malayu ku Malayu 
jeung sabangsana. 

Ulah sieun teu dianggap soheh ari bener mah ! Moal kurang sari ari kaharti mah ! 
Sarta sabalikna 
najan huruf jeung nyelekeukna 
ari teu ngarti mah teu matak jadi dangdanan, da ku para Nabi oge meureun 
lain ngan dititah ngocoblak bae, 
tapi hartikeun 
sarta kudu prak jaralankeun, 
bejaan nu acan nyaraho'eun, 
nya eta sangkan kaayaan dunya 
jeung nu ngajaramannana 
pada saralamet salawasna. 

Jalanna sangkan mulus, 
nya-eta lamun nyaho aya nu salah 
"atuh geura omekeun", 
ulah ngan ngomong 
"si itu murtad, 
si itu kafir bae", 
naha urang ngaku boga Nabi (Guru) teh 
rek dilelewe bae, 
atawa rek diturut parentahna? 
Naha rek diturutan teh 
ngan make pakean lahirna wungkul ? 
Sing harti atuh 
ari ngaran Agama teh "kalakuan" 
nu harade 
nu nyungsi arah ka Allahan 
geuning dipakean 
Rukun Islam jeung Rukun Iman, 
nya eta urang sangkan ditariung 
ku kalakuan anu hade, 
da ari kagorengan mah 
sanajan sagede bu'uk oge 
ku Pangeran anu tangtu kauningana, 
jadi hartina sanajan urang ditiungan 
ku lawon oge ari kalakuan goreng mah 
ku Nagara oge tangtu dihukum, 
komo deui ku nu kawasa.

Sanajan bangsa naon oge 
ari kaadilan mah pada ngaayaan. 

Jadi cindekna tina hal urusan pakean lahir mah ulah sok make dihijikeun jeung urusan Agama, sapedah ka nu make stelan nyebut "kafir" 

jeung sabalikna sapedah urang make tiung hayoh ngaku "Islam", 
palebah dieu mah atuh sing kaharti bae, 
da lain urusan lahir, malah sukur, 
keur mah urang teh make pakean Islam 
ana prak teh jeung kalakuannana hade, meureun anu tangtu bakal loba 
harayangeun milu .

Ulah bon make nyirian maneh 
sanajan teu kaciri oge ari anu bener 
tangtu loba anu hayang nurutan. 

Geuning dina riwayat para Wali baheula mah cenah dina enggon-enggoning ngajalankeun kahadean oge tara harayangeun katangar : 

Mangeranna ka Wujud anu Maha Suci, Maranutna ka Rasa nu Suci, 
Sumembahna ka Nu Maha Suci, 
jembarna ka Ibu-Ramana, 
Zakat fitrahna tara sok hayang katangar. 
Ngaji rasana ka sasama mahluk 
estu tara ngabeda-beda, 
Estu padamelannana teh 
munggah jadi hiji jeung sifat-sifat 
anu harade bae . . . . . . .

Mung pamugi na ulah ngaraos dinasehatan, 
teu dikedahkeun percanten 
kana sagala pamendak ieu, 
upami teu sapamendak 
ulah bade ngaraos dilainkeun, 
satadina oge kahayang mah 
anging bade ngilari tuduh jalan anu leres, manawina bae aya kaleresannana, 
atuh upami aya nu kapandang leres 
sumangga urang jalan-keun ku prak (praktijk), theoryna (nasehatna) anu kapandang sae 
atuh sumangga wartoskeun deui 
ka nu teu acan aruningaeun, 
supados pada di jaralankeun 
kana jalan nu nyungsi kasalametan sadayana (sarerea).

Sinareng upami aya basa 
nu kapandang lepat maksadna, 
mugi ulah bade asa-asa 
sumangga geura lereskeun bae, 
sanes lepat kedah dianggap leres, 
namung nu salah kedah diomekeun 
disarengan ku panghapuntenna.