Janten supados pendak/panggih jeung
KURING,
atuh kedah tiasa
ngaleungitkeun KURUNGna.
Leres teu?
Dina PAPATET aya padalisan kieu:
JUNG NANGTUNG WAWUH KA KUJUR
AJEGKEUN SAPANGADEG
HURIP INGWANG HIRUP INGSUN
JIRIM JISIM PANGANCIKAN
Tah dina perkara jirim-jisim jeung kuring
oge naon bedana jeung
ingsun/isun,kaula atawa abdi,
pamanggih simkuring numutkeun ajaran
nu katampa dina ajaran
spiritual Bapak Mei
aya beda jeung kanyaho umum.
Kieu kateranganaana:
Ari "jirim" teh nyaeta wujud nu katingali atawa badan wadag (lahir) nu
asalna tina cahaya beureum (acining seuneu) - cahaya bodas (acining cai) -
cahaya koneng (acining angin) -jeung cahaya hideung (acining bumi), sedengkeun
"jisim" nyaeta wujud nu teu katingali badan halus (batin) nu asal ti
pangawasa Gusti. Jirim teh tempat pangacikan jisim (kawas dina papatet di
luhur, contona: awas ngancik di panon, denge ngancik di ceuli, langkah ngancik
di suku jsb).
Tah eta jirim jeung jisim mangrupakeun parabot nu digunakeun ku
kuring pikeun ngumbara di dunya. Naha saha ari "kuring"?.
Tah ari "kuring" mah nyaeta lain lalaki-lain awewe, lain budak lain kolot,
teu boga anak teu dianakkeun nu asalna ti Gusti jeung salawasna teu pisah
jeung Gustina jeung sifatna langgeng,
ngan sok kadang kapopohokeun atawa
dipopohokeun ku jalma,
nyatana nu sok ngelingan, sok mapagahan, sok nitah
bener nyaram salah nu ngancik di unggal jalma sakuringna-sakuringna.
Ari eta nu salawasna boga kahayang jeung sok kadang sakadaek-daek teu
mikirkeun batur nu oge sok aya di unggal jalma eta saha?. Naha eta nu disebut
Syetan teh ?.
Tah dina elmu sunda sakanyaho kami teu acan manggihan katerangan soal syetan
saperti nu digambarkeun dina agama samawi. Nu boga kahayang atawa napsu teh
nyaeta nu disebut "ingsun/isun" tea nu asal tina kajadian anyar sanggeus ayana
jirim jeung jisim nu asalna ti sagaraning hirup. Jadi ingsun/isun mah urang
dunya nu tangtu teu leupas ti pangabutuh dunya atawa napsu-napsu dunya.
Kunaon pangna isun boga napsu? Tangtu bae sabab kahiji ingsun urang dunya,
kaduana ingsun make wujud lahir (jirim) nu asal tina acining dunya
(seuneu-cai-angin-bumi) nu nimbulkeun napsu-napsu, geura pek ulah napas-ulah
nginum-ulah dahar-ulah make haneut, tangtu moal boga kahayang/euweuh napsu.
Tah dina ajaran nu katampa ku kami napsu-napsu ieu teh datangna tina 4 unsur
ieu, lain ti syetan nu asal ti saluareun diri urang (ieu ceuk pamanggih kami
salah sahiji bedana pamahaman ajaran sunda keung ajaran agama sejen).
Dina hirup urang kabeh mun dilenyepan bener-bener tangtu bakal manggihan
mana ingsun jeung mana kuring, sok sanajan susah ngabedakeunana, sabab kuring
jeung ingsun hiji tapi dua, dua tapi hiji, lir dua beulahan "mata uang" logam
mun katingali garudana, angkana teu ngatingali oge sabalikna. Tah kuring nu
asal ti Gusti ieu nu bisa nganyahokeun ka Gustina, nu bisa nganjang ka pageto,
jeung bisa nganyahokeun nu geus kajadian baheula. Ngan memang sok sering
diapilainkeun ku ingsun.
Tah ari nu disebut "abdi", nyaeta jalma nu boga rasa rumasa keur ngabdi ka
Gustina, tah lamun geus bisa salawasna ingsun bisa ngabdi ka Gustina luyu
jeung sifat-sifat Katuhanan eta meunang pangkat "manusa", sedengkeun "kaula"
nyaeta nu boga rasa rumasa jeung keur kumawula ka dirina, kumawula ka
luluhurna (indung-bapa), kumawula ka lemah-caina, kumawula ka bangsana jeung
kumawula ka Gustina. Tah ari "kami" nyaeta ingsun nu keur ngagunakeun lahir
jeung batin.
Kitu sun, pamahaman kami dina perkara ieu, mudah-mudahan bae aya gunana
pikeun nambah wawasan kidulur Sunda.
Seja nambahan, sakedik, sugan aya manfaatna,
1. Kecap "kuring" sok rajeun kapanggih dina kalimah sarupa kieu:
"Leupas kuring, tinggal kurung". Dina kalimah bieu, "kuring" teh
hartina jiwa atawa roh atawa aspek metafisik tina jelema, sedengkeun
"kurung" maksudna: raga atawa badan atawa jasad tea. Kukituna, lamun
ieu ditarima, harti "kuring" nambahan ku: jiwa manusa atawa aspek nir
raga ti manusa.
2. Aya sababaraha kecap dina basa Arab anu hartina waruga atawa badan
atawa "the body", nyaeta "Jisim", "Jasad", oge "Basyar" (manusa dina
harti biologis lawan tina "Al Insan"). Sedengkeun Ceuk teori medan
makna mah moal kapati-pati aya dua atau leuwih ti dua istilah lamun
masing-masing henteu beda maksudna. Anu jadi patarosan: naon wae
bedana antara jisim, jasad jeung basyar teh? Upamana wae, "jasad" mah
nuduhkeu badan manusa lamun bener-bener geus ditinggalkeun atawa dina
harti dileupaskeun sagemblengna tina jiwa jeung rohna. Ari "jasad"?
Ari "Basyar"? Tetela, seueur keneh anu kudu dipaluruh.
> Kuring
>
> 1. Kuring dina harti:
>
> jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra)
> dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah
> baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring
> ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan cacah
> pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh jelema
>
> 2. Kuring dina harti:
>
> gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring
> kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna
> saluhureun, tapi martabatna handap
> sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul
>
>
> Jisim
>
> Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa nu
> geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok
> disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu
> hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring.
>
>
>
Tidak ada komentar:
Posting Komentar